B. Daerah

Pertanyaan

Meuleum manggu tengah poe
Di colekan korek api
Malem minggu ninggang sue
Diaprlan aki aki
Kaasup kana jenis sindiran naon anu aya diluhur?

1 Jawaban

  • Sisindiran anu aya di luhur teh kaasup kana sisindiran paparikan anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Sabenerna bisa wae eta sisindiran teh eusina atawa maksudna dianggap silihasih atawa bobogohan, tapi kusabab eta sisindiran teh eusina heureuy atawa moyokan, jadi eta sisindiran teh kaasup kana sisindiran paparikan anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Sisindiran teh kaasup kana puisi Sunda jeung sok disebut oge pantun Sunda.  

    Pembahasan

    Aya tilu rupa sisindiran nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Sedengkeun umpama ditilik eusi atawa maksudna, aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa sislih asih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Dina sapadalisan sisindiran biasana aya dalapan engang. Dina sisindiran aya bagean cangkang atawa sampiran jeung aya bagean eusi.

    Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan ngan saukur aya dua padalisan. Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi.

    Sisindiran teh kasup kana puisi Sunda. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Sisindiran teh kaasup kana puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda lianna, salian ti sisindiran, anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta sajak, guguritan, mantra jeung pupujian. Sedengkeun puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta wawacan jeung carita pantun.    

    Pelajari lebih lanjut

    • Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
    • Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
    • Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : X  

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 9

    Kode : 10.13.9

    Kata Kunci : Sisindiran, paparikan, puisi Sunda, pantun Sunda

Pertanyaan Lainnya