B. Daerah

Pertanyaan

Kecap kantetan anu mangrupa babasan patalina jeung pakulitan jelema nya eta

1 Jawaban

  • Kecap kantetan anu mangrupa babasan patalina jeung pakulitan jelema nyaeta saperti koneng umyang, hejo carulang, hideung santen, hideung lestreng. Kecap kantetan nyaeta kecap anu diwangun ku dua kecap anu bisa miboga harti anu sarua atawa harti anu padeukeut jeung kecap-kecap anu ngawangunna, atawa bisa oge miboga harti anu beda pisan jeung unggal kecap anu ngawangun eta kecap kantetan.  

    Pembahasan

    Kecap kantetan anu miboga harti anu sarua atawa harti anu padeukeut jeung kecap-kecap anu ngawangunna disebut kecap kantetan endosentris, contona saperti hideung santen, hejo carulang, koneng umyang. Sedengkeun kecap kantetan anu miboga harti anu beda pisan jeung unggal kecap anu ngawangun eta kecap kantetan disebut kecap kantetan eksosentris, contona saperti kacapiring, amis budi, dulang tinande.

    Pelajari lebih lanjut

    • Kecap kantetan jeung hartina https://brainly.co.id/tugas/5193190
    • Kecap kantetan jeung kecap rajekan https://brainly.co.id/tugas/10345039
    • Contoh kecap kantetan endosentris dan eksosentris https://brainly.co.id/tugas/5556685

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda

    Bab : 6

    Kode : 8.13.6

    Kata Kunci : Kecap kantetan

Pertanyaan Lainnya