B. Daerah

Pertanyaan

bagaiman cara menganalisa mantra dalam bahas sunda?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Mantra
    Kelas : XI (2 SMA)
    Pembahasan :

    Ditilik tina kekecapan atawa rumpakana, mantra mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Mantra siga sajak nyaeta mangrupa puisi anu henteu kauger ku patokan. Sanajan mantra henteu kauger ku patokan, dina mantra aya unsur-unsur anu bisa dijadikeun alat pikeun nganalisa eusi rumpaka mantra.

    Jadi, mantra bisa dianalisa ku ngagunakeun unsur-unsur anu aya dina mantra nyaet unsur jejer atawa tema, unsur nada jeung suasana, unsur rasa, jeung unsur amanat. Tema nyaeta hal poko anu ngajiwaan eusi mantra. Nada jeung suasana nyaeta sikep anu nulis rumpaka mantra. Rasa nyaeta anu ngagambarkeun sikep anu maca mantra. Amanat nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku anu maca atawa anu ngarang mantra.

Pertanyaan Lainnya